Ikhlas
Khutbah
Ku : Lili Guntur
DINA kitab Mukhtasyar Ihya, Syekh Syarafudin Yunus netelakeun,sing saha anu tulus ikhlas dina ngalaksanakeun amal,sanajan teu diniatan, mangka baris terbukti berkah tina eta amalan, pikeun dirina oge turunanana nepika yaomil akhir.
Diriwayatkeun, sakumaha di tulis dina Irsyadul 'Ibad, nalika Adam AS dilungsurkeun ti sawarga ka alam dunya, sato leuweung ka asup Rusa, rabul sowan ngucapkeun salam kawilujengan ka Adam AS anu satuluyna kabeh sato dido'akeun sarta di usap pundukna. Sapada harita,awak Rusa jadi seungit lir kasturi.
Samulangna, salah sahiji tina abrulan Rusa di tanya ku babaturanana anu pareng teu milu sowan ka Adam AS. "Kuring ngarasa aneh, naon sababna eta awak anjeun jadi seungit kitu?"
Mangka dijawab: "Kamari kami tas nepungan kakasih Alloh, Adam AS, satuluyna dido'akeun bari punduk kami di usap. Awak kami jadi harum kasturi."
Ngadenge jawaban kitu baturna jadi kabita,sarta inyana boga karep rek nurutan sowan silaturahmi ka Adam AS supaya manehna oge dido'akeun terus awakna jadi seungit.
Isukna eta Rusa teh indit nepungan Adam AS. sadatangna dibageakeun,atuh basa mulangna oge didu'akeun bari di usap pundukna. Tapi manehna mah sabada dido'akeun teh teu seungit kawas baturna kamari.
Kajurung ku rasa panasaran manehna tuluy nepungan baturna hayang nanyakeun naha awak manehna mah teu seungit. "Kuring teh tas silaturahmi ti kakasih Alloh, Adam AS, satuluyna kuring oge dido'akeun bari di usap ieu punduk. Tapi naha kuring mah teu seungit kawas anjeun." Cek eta Rusa kabaturna.
Mangka di jawab: "Ari sababna mah kamari kuring nepungan Adam AS dasarna bener-bener ikhlas lillah seja silaturahmi. Sehingga kami meunang berkah tina amal kami anu dilaksanakeun kalawan ikhlas. Sedengkeun anjeun datangna silaturahmi nepungan Adam AS alatan kabita hayang awak seungit kawas kami. Niatna teu karana Alloh. Antukna anjeun kuciwa lantaran harepan teu luyu jeung kanyataan. "
Ma'asyiral muslimin!
Hikmah anu tiasa di petik tina hikayat nembe, wirehna Alloh SWT moal nampi sagala amalan anu teu didadasarn ikhlas karana Alloh. Saur Syekh Sarafudin Yunus dina kitab Mukhtasyar Ihya, sing saha anu tulus ikhlas ngalaksanakeun amal, sok sanajan teu diniatan, mangka baris terbukti kaberkahanana eta amalan, boh pikeun dirina pon kitu keneh pikeun kulawargana katut turunanana nepika yaomil akhir.
Mudah-mudahan, Alloh maparin rizki kaikhlasan ka urang sadaya tina satiap amalan nu dilaksanakeun, sahingga urang kalebet golongan almukhlisin, tegesna golongan jalma-jalma anu ikhlas.
Allah SWT ngadawuh dina Alquran surah Ali Imran ayat 145,anu pihartoseunana : "Sing saha anu hayang kabagjaan (pahala) dunya ku Kami baris di bere eta kabagjaan (pahala) dunya, pon kitu keneh sing saha anu hayang kabagjaan (pahala) di aherat, ku Kami baris di bere kabagjaan (ganjaran) di aherat, jeung Kami baris mere balesan ka jalma-jalma anu bersyukur."
Gusti Alloh nandeskeun,pidawuhna dina Alquran surah Al-Bayyinah ayat ka 5, anu pihartoseunana : "Satemena jalma diparentah supaya ibadah ka Gusti Alloh kalayan ikhlas."
Baarakallaahu lii walakum. ***

- Dapatkan link
- X
- Aplikasi Lainnya
- Dapatkan link
- X
- Aplikasi Lainnya
Komentar
Posting Komentar