Langsung ke konten utama

Falsafah Pandawa Nurutkeun Sunan Kalijaga


Seni pawayangan teh mibanda fungsi salaku media geusan nepikeun rupa-rupa informasi katut pesan moral kamanusaan. 

Cenah baheula aya waliyulloh nyaeta Sunan Kalijaga anu ngagunakeum seni pawayangan mangrupa media da'wahna.  Salaku wali anu disegani, Sunan Kalijaga, dina prakna mintonkeun pagelaran wayang (saratna) Ki Dalang jeung para nayagana kudu ngabogaan wudu. Ilaharna pagelaran wayang dimimitian ti bada isya rengse ngagayuh ka subuh. 

Sunan Kalijaga nyiptakeun gamelan wayang sajodo anu dingaranan Kiyai Nagawilaga jeung Kangjeng Kiyai Guntur Madu.  Gamelan ieu ngalambangkeun dua kalimah syahadat anu satuluyna disebut Nyai Saketi jeung Kiyai Saketi (nepika kiwari di daerah Jawa saban malem Jumaah Kaliwon anu puncakna langsung salila bulan Mulud sok diayakeun ritual upacara Sekaten). 

Gamelan Nyai Sekati jeung Kiyai Sekati diperenahkeun dihareupeun masjid.  Sakur nu ngadeudeul kudu asup ti lebah lawang saketeng anu disebut gapura (di cokot tina kecap ghofur, nyaeta sipat Mulyana Pangeran dina maparin pangampura pikeun hambaNa anu tobat tina rupa-rupa dosa).
                            ** 
Onjoyna Sunan Kalijaga salaku waliyulloh,  anjeuna henteu openan kana adat tradisi anu sok biasa dilaksanakeun ku masarakat.  (Justru)  ngaliwatan seni pawayangan timbulna akulturasi  antara kabudayaan jeung ajaran islam. "Sebarkeun islam ka kaumna luyu jeung jalan pikiran eta kaum." Eta pidawuh Rosul dijantenkeun falasifah ku Kangjeng Sunan Kalijaga. 

Contona, saperti rukun Islam nu lima perkara,  ku Kangjeng Sunan Kalijaga digambarkeun ngaliwatan lima kesatria Pandawa. Sanajan eta lima kesatria di ancam jeung teu weleh dilicikan ku pasukan Kurawa,  pasukan Pandawa teu weleh unggul dina pertempuram di medan Kuruseta dina palagan anu rohaka perang Bharatayudha. 

Ku Suanan Kalijaga, gambaran rukun Islam anu kahiji diwujudkeun ngaliwatan tokoh pangkolotna nyaeta Yudhistira alias Samiaji alias Puntadewa.  Yudhistira ngabogaan senjata konta anu disebut Jimat Kalimosodo,  alih kecap tina kalimah syahadat. Yudhistira nyaeta raja anu kalintang wijaksana,  jembar manah pantang putus asa.  Sabar nalika mayunan musibah, tara awon manah kanu lia
n,  kajeun ngelehan demi tegakna persatuan sareng kajayaan.  Eta watek Yudhistira. 

Rukun Islam anu kadua nyaeta solat fardu anu lima waktu.  Diisaratkeun ngaliwatan tokoh Werkudara alias Bima anu tara calik teu weleh siap siaga kalayan kuku Pancanaka na. Hartina ari solat anu lima waktu teh teu meunang henteu kudu dilaksanakeun,kudu diadegkeun dina kaayaan kumaha bae oge.  Solat lima waktu hukumna wajib.  Dina kaayaan keur gering, dina kaayaan keur sibuk bahkan dina kaayaan keur di medan perang solat tetep kudu dilakoan.  Dina falsafah Pandawa gambaranana nyaeta Bima.  Bima mah tara diuk, selalu tegak berdiri. 

Ngaliwatan pelaksanaan amalan solat darajat manusa dipayuneun Alloh sadayana sami,  taya bedana antara si kaya jeung si miskin,  antara rayat jeung pejabat.  Hal saperti kieu digambarkeun dina sikep Werkudara (Bima), dimana nyarita kanu kumaha bae oge tara make bahasa lemes kromo inggil,  kanu kumaha bae oge Bima mah upama nyarita teu weleh ngoko (kasar garihal) tapi teu ngandung maksud kurang ajar. 
Rukun Islam anu katilu nyaeta puasa dina bulan Romadon.  Lambangna Arjuna.  Kesatria Pandawa anu paling ganteng dipigandrung para mojang.  Persis saperti jalma keur puasa, loba godaan hawa nafsu.  Upama teu kuat meranganana,  bakal jebol pertahanan. 

Rukun Islam anu kaopat jeung kalima nyaeta zakat jeung munggah haji, dipapandekeun dua kesatria kembar Nakula jeung Sadewa.  Dua tokoh ieu jarang muncul,  saperti halna zakat jeung munggah haji ngan diwajibkeun pikeun jalma anu mampuh ngalakonanana.  Tanpa Nakula jeung Sadewa, Pandawa baris rapuh sarta ancur.  Kitu halna umat Islam,  upama teu aya para hartawan anu kersa nyumponan zakat sareng munggah haji,  fakir miskin bakal katarajang ancaman kafakiran jeug kamurtadan.  Kesenjangan sosial antara si kaya jeung si miskin taya jurang pamisah. Kusabab kitu,  Sunan Kalijaga mah raket pisan jeung rahayat leutik (wong cilik).  Sok padahal dilingkungan istana anjeuna teh salaku hiji ulama anu kalintang disegani margi kadudukan ulama nyaeta salaku pamingpin dunya aherat.  Hartina henteu ngan wungkul ngajak umat neangan kasalametan aherat,  tapi kudu mampuh ngadorong umat sangkan kerja keras jeung hemat demi nanjeurna kamakmuran di alam dunya.***
--Lili Guntur--


Komentar

Postingan populer dari blog ini

LEGENDA RADEN KALUNG

Can kabejakeun aya urang Mahmud tiwas alatan titeuleum di Citarum,atawa palastra kabawa caah. Pangna kitu,cenah, aya nu ngajaga jeung anu ngalingling nyaeta Raden Kalung anu ngageugeuh walungan Citarum. Saha anu sabenerna Raden Kalung teh? Jeung naon sababna Raden Kalung bageur katurunan Mahmud? Cek ujaring carita, baheula sakitar abad ka 15, mangsa jumenengna Eyang Abdul Manaf alias Eyang Mahmud, kungsi kabejakeun yen Eyang Abdul Manaf teh kantos meunang panangtang ti saurang raja jin anu ngageugeuh walungan Citarum nyaeta anu katelah Raden Kalung. Ari wujudna Raden Kalung, satengah awakna ka luhur jirim manusa, satengah awakna ka handap jirim oray. Raden Kalung susumbar nangtang Eyang Abdul Manaf,pokna, mun aya jelema mampuh ngelehkeun kasaktianana,manehna jangji rek bae’at ngagem agama Islam sarta eta jalma anu geus ngelehkeun manehna rek dijadikeun guru sajati. Ngadangu Syekh Abdul Manaf di tangtang ku bangsa jin, salahsaurang murid Syekh Abdul Manaf  nyaeta Abdulah Ge...
Heri Heryadi: Alokasi Dana Kebudayaan “bacacar”                 Pertengahan Pebruari 2016 penulis sempat mengadakan perbincangan   dengan tokoh seni budaya Kabupaten Bandung,Drs.Herry Heryadi(Ketua Pasebban Kab.Bandung   periode 2010- 2015/ periode 2015-20120),beliau juga adalah Pupuhu Caraka Sundanologi. Perbincangan dilakukan dirumahnya yang sejuk,kawasan Kampung Burujul Desa Mekar Rahayu.Kami berbicara tentang masalah   capaian pembangunan bidang kebudayaan di Kabupaten Bandung yang dinilai sejumlah pihak perkembangannya tidak jelas.  Menurut  Herry Heryadi  yang lebih akrab dengan sapaan Abah Awi, setidaknya ada tiga hal yang menjadi penyebab kurang berkembangnya pertumbuhan pembangunan bidang kebudayaan di Kabupaten Bandung. Pertama,  yang memberikan penilaian bahwa  pembangunan bidang kebudayaan di Kabupaten Bandung kurang berkembang akibat  dia ya...