Seni pawayangan teh mibanda fungsi salaku media geusan nepikeun rupa-rupa informasi katut pesan moral kamanusaan. Cenah baheula aya waliyulloh nyaeta Sunan Kalijaga anu ngagunakeum seni pawayangan mangrupa media da'wahna. Salaku wali anu disegani, Sunan Kalijaga, dina prakna mintonkeun pagelaran wayang (saratna) Ki Dalang jeung para nayagana kudu ngabogaan wudu. Ilaharna pagelaran wayang dimimitian ti bada isya rengse ngagayuh ka subuh. Sunan Kalijaga nyiptakeun gamelan wayang sajodo anu dingaranan Kiyai Nagawilaga jeung Kangjeng Kiyai Guntur Madu. Gamelan ieu ngalambangkeun dua kalimah syahadat anu satuluyna disebut Nyai Saketi jeung Kiyai Saketi (nepika kiwari di daerah Jawa saban malem Jumaah Kaliwon anu puncakna langsung salila bulan Mulud sok diayakeun ritual upacara Sekaten). Gamelan Nyai Sekati jeung Kiyai Sekati diperenahkeun dihareupeun masjid. Sakur nu ngadeudeul kudu asup ti lebah lawang saketeng anu disebut gapura (di coko...