Langsung ke konten utama

Postingan

Nasehat Syekh Abdul Qadir Zaelani

UPAMA seug ngeunteung kana nasehat waliyulloh Syekh Abdul Qadir Al Zaelani,saur anjeuna dina kitab Minhajul Qasidin karya Ibnu Qudamah, wirehna saupami di antawis urang nandangan ka susah anu banget kacida, susah anu taya hinggana,  ngaraos sulit tur werit mayunan kahirupan,  anu jelas tur tetela urang kedah usaha milari tarekah sangkan eta kasusah tiasa pukah. Anapon saupami keukeuh peuteukeuh, kitu saur Syekh,  tos  upaya lahir batin  nanging eta kasulitan angger wae ngukuntit,  mangka jurus konta alias jurus pamungkas pasrahkeun jiwa raga urang kaMantena (Allah azza wajalla), pangeran anu ngusik malikeun abdi-abdi sadaya.Saestuna Alloh Mahaberkehendak,  dalah hakekatna ringkang rindat urang sadaya anging pangersa Gusti.  Sadaya hasrat, paneja,  hasil teu hasil,  sadayana gumantung widi Gusti (bi idznillah). Allah SWT ngadawuh dina Al Quran anu pihartoseunana : "Saupama seug Alloh maparin pitulung ka anjeun, tanwande moal aya n...
Postingan terbaru

Falsafah Pandawa Nurutkeun Sunan Kalijaga

Seni pawayangan teh mibanda fungsi salaku media geusan nepikeun rupa-rupa informasi katut pesan moral kamanusaan.  Cenah baheula aya waliyulloh nyaeta Sunan Kalijaga anu ngagunakeum seni pawayangan mangrupa media da'wahna.  Salaku wali anu disegani, Sunan Kalijaga, dina prakna mintonkeun pagelaran wayang (saratna) Ki Dalang jeung para nayagana kudu ngabogaan wudu. Ilaharna pagelaran wayang dimimitian ti bada isya rengse ngagayuh ka subuh.  Sunan Kalijaga nyiptakeun gamelan wayang sajodo anu dingaranan Kiyai Nagawilaga jeung Kangjeng Kiyai Guntur Madu.  Gamelan ieu ngalambangkeun dua kalimah syahadat anu satuluyna disebut Nyai Saketi jeung Kiyai Saketi (nepika kiwari di daerah Jawa saban malem Jumaah Kaliwon anu puncakna langsung salila bulan Mulud sok diayakeun ritual upacara Sekaten).  Gamelan Nyai Sekati jeung Kiyai Sekati diperenahkeun dihareupeun masjid.  Sakur nu ngadeudeul kudu asup ti lebah lawang saketeng anu disebut gapura (di coko...

Ibadah

Wamaa khalaqtul jinna wal insa illaa liya'buduuni = Teu sapati-pati Kami nyiptakeun jin jeung manusa anging pikeun ibadah ka Kami. (QS. Adz - Dzaariyaat : 56) Makna ibadah nurutkeun ilmu Nahu (Tata Bahasa Arab) hartosna hamba ('abid), tina kecap 'abada, ya'budu, 'abdan.  Nyaeta manusa anu hirup laif, tuna harta tuna harti. Sagala aktifitas kahirupan estu geusan ngahambakeun diri ka Allah SWT. Anapon prak-prakan ibadah kedah luyu sareng aturan tata cara anu tos dicontokeun ku Rasulullah SAW. Tegesna teu kengeng ngaya-ngaya perkara baru mangrupa bentuk-bentuk kagiatan ibadah anu sipatna nambihan atanapi ngirangan, sehingga nimbulkeun parobahan anu ngalantarankeun mengpar teu luyu sareng anu diajarkeun/dicontokeun ku Nabi SAW.  Mangka tata cara ibadah kitu tanwande baris di tolak ku Allah SWT, margi teu luyu sareng praktek ibadah sesuai conto Rasulullah SAW ngalangkungan hadits na nu soheh. Allah SWT ngadawuh dina Al Quran : Wamaa aataakumurrasuulu fahudzuhu,...

I K H L A S

DINA kitab Mukhtasyar Ihya, Syekh Syarafudin Yunus netelakeun,sing saha anu tulus ikhlas dina ngalaksanakeun amal,sanajan teu diniatan,  mangka baris terbukti berkah tina eta amalan, pikeun dirina oge turunanana nepika yaomil akhir. Diriwayatkeun, sakumaha di tulis dina Irsyadul 'Ibad, nalika Adam AS dilungsurkeun ti sawarga ka alam dunya, sato leuweung ka asup Rusa, rabul sowan ngucapkeun salam kawilujengan ka Adam AS anu satuluyna kabeh sato dido'akeun sarta di usap pundukna.  Sapada harita,awak Rusa jadi seungit lir kasturi. Samulangna, salah sahiji tina abrulan Rusa di tanya ku babaturanana anu pareng teu milu sowan ka Adam AS.  "Kuring ngarasa aneh, naon sababna eta awak anjeun jadi seungit kitu?" Mangka dijawab: "Kamari kami tas nepungan kakasih Alloh, Adam AS,  satuluyna dido'akeun bari punduk kami di usap. Awak kami jadi harum kasturi." Ngadenge jawaban kitu baturna jadi kabita,sarta inyana boga karep rek nurutan sowan silaturahmi ka Ada...
Ikhlas Khutbah Ku : Lili Guntur DINA kitab Mukhtasyar Ihya, Syekh Syarafudin Yunus netelakeun,sing saha anu tulus ikhlas dina ngalaksanakeun amal,sanajan teu diniatan,  mangka baris terbukti berkah tina eta amalan, pikeun dirina oge turunanana nepika yaomil akhir.   Diriwayatkeun, sakumaha di tulis dina Irsyadul 'Ibad, nalika Adam AS dilungsurkeun ti sawarga ka alam dunya, sato leuweung ka asup Rusa, rabul sowan ngucapkeun salam kawilujengan ka Adam AS anu satuluyna kabeh sato dido'akeun sarta di usap pundukna.  Sapada harita,awak Rusa jadi seungit lir kasturi.   Samulangna, salah sahiji tina abrulan Rusa di tanya ku babaturanana anu pareng teu milu sowan ka Adam AS.  "Kuring ngarasa aneh, naon sababna eta awak anjeun jadi seungit kitu?" Mangka dijawab: "Kamari kami tas nepungan kakasih Alloh, Adam AS,  satuluyna dido'akeun bari punduk kami di usap. Awak kami jadi harum kasturi." Ngadenge jawaban kitu baturna jadi kabita,sarta inyana...

ASAL USUL NGARAN CIWIDEY

Taun 2015 nu nulis kungsi ngawawancara hiji kolot urang Desa Lebak Muncang Kecamatan Ciwidey,ngarana Abah Aju (97 taun). Cek inyana,baheula dina ahir abad ka 16, aya dua urang jawara kahot ti tatar Bandung ngarana Ranggabeui jeung Jagasatru. Cenah mah eta dua jalma teh adi lanceuk. Hiji mangsa manehna baradami,ngarencana rek ngadon bubuara muka lahan garapan keur tatanen jeung nyieun pilembureun dipakidulan Bandung. Gancangna carita,kalayan di iring ku wadia baladna, rombongan anjog  ka hiji leuweung (anu kiwari kasebut daerah Pasirjambu jeung Ciwidey). Di hiji tempat (anu ayeuna nelah Kampung Warung) Jagasatru nyarita ka adina; ”Ki Adi,urang pitembeyan ti dieu yeuh  muka lahan garapan teh. Ki Adi bagian ngabukbak leuweung beulah wetan,terus kaditu tepi ka Papak Manggu. Keun,ieu tempat nu rada tarahal tepi ka kulon ka tapel  wates Rawabogo bagian kami. Keun bae bagian kami mah tarahal oge da keur pilembureun iyeuh.”Cek  Jagasatru ka adina. Ranggabeui nya...
TATAR UKUR Samemeh Kabupaten Bandung ngadeg, daerah Bandung katelah meunang pangjuluk “Tatar Ukur”. Anapon anu ka ereh daerah Tatar Ukur,nurutkeun naskah Sadjarah Bandung, nyaeta puseur dayeuhna di Karapyak. Wilayahna ngawengku daerah Timbanganten,Gandasoli, Adiarsa, Cabangbungin, Banjaran, Cipeujeuh, Majalaya, Cisondari, Rongga, Kopo, Ujungberung, jeung daerah sejena. Timimiti abad ka 15, sacara turun tumurun karajaan Timbanganten anu puseur dayeuhna di Tegalluar diparentah ku Prabu Pandaan Ukur,Dipati Agung, katut Dipati Ukur. Wilayah Tatar Ukur teh kawilang lega ambahanana ngawengku 9 daerah anu aya di Jawa Barat tur meunang sebutan “ukur sasanga.” Sabada karajaan Pajajaran burak taun 1579 alatan di rurug ku wadia balad Banten anu hayang nyebarkeun agama Islam di Jawa Barat, (samemehna) raja Pajajaran anu katelah Prabu Siliwangi ngutus opat urang kandang lante pikeun masrahkeun Mahkota Siger Binokasih ka Nalendra Sumedanglarang. Utusan anu opatan teh nyaeta Jaya Perkosa, N...