Langsung ke konten utama

Ibadah



Wamaa khalaqtul jinna wal insa illaa liya'buduuni = Teu sapati-pati Kami nyiptakeun jin jeung manusa anging pikeun ibadah ka Kami. (QS. Adz - Dzaariyaat : 56)

Makna ibadah nurutkeun ilmu Nahu (Tata Bahasa Arab) hartosna hamba ('abid), tina kecap 'abada, ya'budu, 'abdan.  Nyaeta manusa anu hirup laif, tuna harta tuna harti. Sagala aktifitas kahirupan estu geusan ngahambakeun diri ka Allah SWT.

Anapon prak-prakan ibadah kedah luyu sareng aturan tata cara anu tos dicontokeun ku Rasulullah SAW. Tegesna teu kengeng ngaya-ngaya perkara baru mangrupa bentuk-bentuk kagiatan ibadah anu sipatna nambihan atanapi ngirangan, sehingga nimbulkeun parobahan anu ngalantarankeun mengpar teu luyu sareng anu diajarkeun/dicontokeun ku Nabi SAW.  Mangka tata cara ibadah kitu tanwande baris di tolak ku Allah SWT, margi teu luyu sareng praktek ibadah sesuai conto Rasulullah SAW ngalangkungan hadits na nu soheh.

Allah SWT ngadawuh dina Al Quran : Wamaa aataakumurrasuulu fahudzuhu, wamaa nahaakum 'anhu fantahuu = Jeung naon anu diajarkeun ku Rasul ka anjeun amalkeun,  sarta naon anu henteu di ajarkeun (dicontokeun) tinggalkeun. (QS. Al - Hasyr : 7)

Ibaratna hiji jalma ngengkenkeun (ngadamel) anggoan ka tukang jahit. Pola sareng modelna tos aya.  Nanging sapengkereun nu ngengkenkeun, ku tukang jahit eta pola sareng model anggoan teh di robih kalayan maksad supaya langkung sae, langkung sampurna. Kitu cenah alesanana.

Sabadana rengse lajeng eta anggoan teh dipasihkeun. Otomatis nu ngengkenkeun teh kuciwa bahkan nolak alatan pola sareng model eta anggoan di robih.  Aya aksesoris panambih.  Antukna gaplah.

Pon kitu keneh dina hal peribadahan, contona dina bab solat.  Mangka wanti-wanti urang teu kengeng ngarobah kaifiat shalat anu tos dicontokeun ku Rasulullah SAW.  Pidawuh Rasul : Shalluu kamaa ra aitumuu nii ushallii = Prak aranjeun shalat saperti halna anjeun apal (nyaksian)  kami ngadegkeun shalat. (HR.  Ahmad, Bukhari)

Ma'asyiral muslimin!
Kunci ibadah tegesna ikhlas.  Ari ikhlas nyaeta ngalaksanakeun amal semata-mata hanya mengharap ridla Allah SWT.  mantena ngadawuh : Wamaa umiruu illaa liya'budullaaha mukhlisiina lahuddiini = Satemena aranjeun di parentah ibadah mung ka Allah kalayan ikhlas (dina)  ngajalankeun agama. (QS. Al - Bayyinah : 5 )

Dina ayat nu sanesna Allah ngadawuh : "Pok caritakeun, saestuna shalat abdi, ibadah abdi,  hirup jeung maot abdi, mung kanggo Allah, Pangeran nu murbeng alam. " (QS. Al - An'am : 62)

Nabi SAW nandeskeun dina haditsna anu diriwatkeun ku An - Nasa'i : "Aya hiji pameget nepangan Rasulullah lajeng tumaros, 'Kumaha numutkeun pamendak salira saupamina aya hiji pameget ngiringan jihad geusan milari pahala sareng katenaran?  Lajeng inyana (bakal) kengeng naon? Rasulullah SAW ngawaler : 'Manehna moal meunang nanaon!' Rasulullah neraskeun deui cariosanana : 'Saestuna Alloh moal nampa amal anging amal anu dilaksanakeun kalayan ikhlas lillaahi ta'ala tur milari karidlolanana.' "
Wallaahu  a'lam bishshawab. ***
@liliguntur


Komentar

Postingan populer dari blog ini

LEGENDA RADEN KALUNG

Can kabejakeun aya urang Mahmud tiwas alatan titeuleum di Citarum,atawa palastra kabawa caah. Pangna kitu,cenah, aya nu ngajaga jeung anu ngalingling nyaeta Raden Kalung anu ngageugeuh walungan Citarum. Saha anu sabenerna Raden Kalung teh? Jeung naon sababna Raden Kalung bageur katurunan Mahmud? Cek ujaring carita, baheula sakitar abad ka 15, mangsa jumenengna Eyang Abdul Manaf alias Eyang Mahmud, kungsi kabejakeun yen Eyang Abdul Manaf teh kantos meunang panangtang ti saurang raja jin anu ngageugeuh walungan Citarum nyaeta anu katelah Raden Kalung. Ari wujudna Raden Kalung, satengah awakna ka luhur jirim manusa, satengah awakna ka handap jirim oray. Raden Kalung susumbar nangtang Eyang Abdul Manaf,pokna, mun aya jelema mampuh ngelehkeun kasaktianana,manehna jangji rek bae’at ngagem agama Islam sarta eta jalma anu geus ngelehkeun manehna rek dijadikeun guru sajati. Ngadangu Syekh Abdul Manaf di tangtang ku bangsa jin, salahsaurang murid Syekh Abdul Manaf  nyaeta Abdulah Ge...

Falsafah Pandawa Nurutkeun Sunan Kalijaga

Seni pawayangan teh mibanda fungsi salaku media geusan nepikeun rupa-rupa informasi katut pesan moral kamanusaan.  Cenah baheula aya waliyulloh nyaeta Sunan Kalijaga anu ngagunakeum seni pawayangan mangrupa media da'wahna.  Salaku wali anu disegani, Sunan Kalijaga, dina prakna mintonkeun pagelaran wayang (saratna) Ki Dalang jeung para nayagana kudu ngabogaan wudu. Ilaharna pagelaran wayang dimimitian ti bada isya rengse ngagayuh ka subuh.  Sunan Kalijaga nyiptakeun gamelan wayang sajodo anu dingaranan Kiyai Nagawilaga jeung Kangjeng Kiyai Guntur Madu.  Gamelan ieu ngalambangkeun dua kalimah syahadat anu satuluyna disebut Nyai Saketi jeung Kiyai Saketi (nepika kiwari di daerah Jawa saban malem Jumaah Kaliwon anu puncakna langsung salila bulan Mulud sok diayakeun ritual upacara Sekaten).  Gamelan Nyai Sekati jeung Kiyai Sekati diperenahkeun dihareupeun masjid.  Sakur nu ngadeudeul kudu asup ti lebah lawang saketeng anu disebut gapura (di coko...
Heri Heryadi: Alokasi Dana Kebudayaan “bacacar”                 Pertengahan Pebruari 2016 penulis sempat mengadakan perbincangan   dengan tokoh seni budaya Kabupaten Bandung,Drs.Herry Heryadi(Ketua Pasebban Kab.Bandung   periode 2010- 2015/ periode 2015-20120),beliau juga adalah Pupuhu Caraka Sundanologi. Perbincangan dilakukan dirumahnya yang sejuk,kawasan Kampung Burujul Desa Mekar Rahayu.Kami berbicara tentang masalah   capaian pembangunan bidang kebudayaan di Kabupaten Bandung yang dinilai sejumlah pihak perkembangannya tidak jelas.  Menurut  Herry Heryadi  yang lebih akrab dengan sapaan Abah Awi, setidaknya ada tiga hal yang menjadi penyebab kurang berkembangnya pertumbuhan pembangunan bidang kebudayaan di Kabupaten Bandung. Pertama,  yang memberikan penilaian bahwa  pembangunan bidang kebudayaan di Kabupaten Bandung kurang berkembang akibat  dia ya...