Can kabejakeun aya urang Mahmud tiwas alatan titeuleum di Citarum,atawa palastra kabawa caah. Pangna kitu,cenah, aya nu ngajaga jeung anu ngalingling nyaeta Raden Kalung anu ngageugeuh walungan Citarum. Saha anu sabenerna Raden Kalung teh? Jeung naon sababna Raden Kalung bageur katurunan Mahmud?
Cek ujaring carita, baheula sakitar abad ka 15, mangsa jumenengna Eyang Abdul Manaf alias Eyang Mahmud, kungsi kabejakeun yen Eyang Abdul Manaf teh kantos meunang panangtang ti saurang raja jin anu ngageugeuh walungan Citarum nyaeta anu katelah Raden Kalung. Ari wujudna Raden Kalung, satengah awakna ka luhur jirim manusa, satengah awakna ka handap jirim oray.
Raden Kalung susumbar nangtang Eyang Abdul Manaf,pokna, mun aya jelema mampuh ngelehkeun kasaktianana,manehna jangji rek bae’at ngagem agama Islam sarta eta jalma anu geus ngelehkeun manehna rek dijadikeun guru sajati.
Ngadangu Syekh Abdul Manaf di tangtang ku bangsa jin, salahsaurang murid Syekh Abdul Manaf nyaeta Abdulah Gedug anu satuluyna nelah meunang julukan Ki Abdul, ngarasa teu suka guruna aya nu nangtang bari jeung di cacampah. Sok komo datangna eta panangtang teh ti golongan makhluk bangsa jin. Tidinya Ki Abdul mundut widi kanu janten guru pikeun ngalayanan eta panangtang.
“Kinten-kintena dimana pangersa,jisim abdi tiasa nepungan si Salung?” Hiji waktu Ki Abdul mundut widi ka Eyang Manaf.
“Puguh teu gampang pikeun bangsa manusa upama hayang kawenehan tepung jeung makhluk ti golongan bangsa jin. Aya pasaratan-pasaratan husus anu kudu dilakonan. Kaduana pikeun nyanghareupan makhluk ti golongan bangsa jin kaimanan urang kudu bener-bener kuat,sabab mun akidah urang masih keneh lemah bisa-bisa urang baris ka gelo tur ka olo ku manehna. Tah eta anu kudu di wiwaha teh.Tapi upama diri anjeun bener-bener hayang nepungan Raden Kalung kalayan dasarna ikhlas seja nyadarkeun manehna, insya Alloh moal susah. Ku Eyang baris dibahanan pikeun ngajaga diri bisi salila lalampahan neangan Ki Raden tinemu jeung rupa-rupa gogoda oge pancabaya.” Saur Eyang Manaf bari teras cengkat, lajeng nyaur Ki Abdul di ajak ka enggon,maksudna rek ditawajuhan. Demi elmu anu harita ditawajuhkeun ka Ki Abdul teh nyaeta mangrupa hijib ismul’adzom ( ayat-ayat pinilih tina Alquran).
Gancangna carita, poe isukna, kira wanci asar, Ki Abdul lunta ,leumpangna ngahaja mapay-mapay bantaran walungan Citarum muru ka beulah wetan. Lebah jambatan Citarum anu nepungkeun wewengkon Bojongbuah jeung Bojong Pacing, Ki Abdul ngarandeg. Harita kumanehna kabireungeuh aya mojang di udag-udag ku jajaka. Pikiran Ki Abdul mah eta dua sajoli teh keur arotel,oner arem mangsa wanci kaburitnakeun. Memang puguh matak pikabetahan wanci pasosore ngadon ulin sisi cai. Tapi ana diperhatikeun eta dua sajoli anu keur arotel silih udag teh heureuyna bet asa kalalanjoan. Si mojang regeyeng di pangku ku si jajaka bari teu antaparah koleweng si mojang teh dialungkeun ka tengah walungan. Gujubarrr... awak Nyi Mojang digejeburkeun. Jabaning harita cai walungan teh keur gede. Atuh kerelep...kerelep Nyi Mojang tikerelep kawantu teu bisaeun ngojay. Sakedapan kabireungeuh awakna muncul deui bari leungeuna acung-acungan mere isarat hayang ditulungan.
Mireungeuh kajadian kitu Ki Abdul ngarasa reuwas tur hariwang,inggis Nyi Mojang teu katulungan.Ki Abdul ngareret ka si Jajaka bari pokna: “Kunaon ari Ki Silah,heureuy teh bet kaleuleuwihi? Sok tah kudu tanggung jawab, tulungan itu Nyi Mojang!” Cek Ki Abdul ngomong kituna teh bari mencrong si Jajaka.
Sedengkeun harita si Jajaka mah taya riuk-riuk meunang ka reuwas. Kalah nyeungseurikeun ka Ki Abdul mani ngagakgak bangun anu ngeunah nakeran. “Hahaha...mun bener silaing ngaku lalaki tur aya kawani mah, coba kainyah tulungan!Hahaha...!”
“Masya Alloh ku taya ras-rasan ari Ki Silah. Teu surup jeung wanda,dedeg sembada rupa hade ari kalakuan dlolim taya ras-rasan.Masya Alloh...” Omong Ki Abdul.
“Sok kainyah!,lain kalah loba bacot,tulungan mun bener silaing boga kawani!”
Antukna Ki Abdul teu loba mikir,ngan gajleng wae luncat kawalungan rek nulungan Nyi Mojang anu keur roroesan neangan akal sangkan dirina teu ti teuleum. Sawatara kadenge si Jajaka seuri deui nyakakak bangun anu sugema naker ningali Ki Abdul satekah polah rek nyalametkeun Nyi Mojang.
Barang geus deukeut, ngan kerewek bae awak Nyi Mojang teh di sangkeh anu satuluyna rek di bawa ka sisi. Sawatara di tebeh kulon panon poe mimiti tunggang gunung nandakeun wanci magrib sakeudeung deui datang. Ki Abdul masih keneh kokojayan diwalungan rek nulungan Nyi Mojang bisi ti teuleum alatan dialungboyongkeun kawalungan ku kabogohna. Tapi karasana ku Ki Abdul asa hese pisan rek muru ka sisi teh. Awakna asa kajiret ku tangkeupan Nyi Mojang anu tipapareket. Tampolana Ki Abdul teh ngarasa heran. “A,aeh,.....kunanahaon ieu teh? Bet teu maju-maju ngojay teh? Ieu awak Nyi Mojang meni asa beurat kieu...?Astagfirulloh....”, cek gerentes hate Ki Abdul. Bareng jeung manehna ngucapkeun istigfar, dumadakan Nyi Mojang ngoceak. Geus kitu awak Nyi Mojang ngeleper leuleus bareng jeung robahna rupa beungeutna anu asalna geulis pikalucueun,sekedet netra rupa beungeut eta mojang teh jadi goreng patut, malah sihungan pikasieuneun. “Hihihi...Abdul....Abdul.....,anjeun ayeuna geus aya dina kakawasaan kami. Timimiti ayeuna anjeun bakal jadi batur kami.”
“Kutan!, sia teh geuning jurig cai? Kuntilanak?”
“Hihihi...anjeun geus katipu ku kami. Hayu, tuh,panon poe geus lingsir ngulon,sakeudeung deui balad-balad kami bangsaning jin iprit,suleman silemen,setan barakasakan bakal laliar. Hayu urang mah urang mulang ka karaton kami.Hihihi...”
“Teu sudi ajrig-ajrigan,aing manusa leuwih mulya batan sia,keheula anan kudu taluk kagelo ku bangsa sia... a’uudzu bikalimatillaahit taammaati min syarrimaa kholaq....allaahumma inni a’uudzubika minal hubusi wal khobaaisi...allaahu akbar.....puh!!! Nyingkah siah!” Ki Abdul mapatkeun do’a panyinglar jin iprit. Do’a Ki Abdul mustajab. Teu kungsi sawatara lila eta jin iprit anu minda rupa jadi mojang geulis teh ngaleungit turta dumadakan cai walungan oge karasana jadi tenang. Atuh Ki Abdul terus ngojay meped ka sisi beulah wetan.
Wanci ngagayuh sareupna. Ti lebah tajug anu teu anggang tiwalungan kadenge sora anu adan. Sakedapan Ki Abdul diuk ngaheruk sisi walungan, kahijina ngareureuhkeun kacape,ari anu kaduana manehna asa era ku diri sorangan, bet ampir kagelo ku tipu daya iblis laknatulloh anu nyata-nyata meh bae nyasarkeun dirina. Tapi sawatara kitu teu kanyaohan ti mana jolna,kana taktak Ki Abdul ujug-ujug aya anu nyekel bari pokna:
“Geus jalu,kajadian anu karandapan cikeneh tong jadi pikiran. Eta teh pelajaran berharga keur hidep sangkan diri hidep salilana ulah elat dzikir ka-Gusti. Jung kaituh geura abdas,urang salat berjamaah jeung Mbah.” Eta aki-aki anu katelah Mbah Sakoti teh nyaritana bari nyekel taktak Ki Abdul anu keur ngaheruk. Sakedapan mah Ki Abdul teh ngarasa reuwas waktu kana taktakna aya nu muntang,tapi barang tanggah kabireungeuh nu nyekel taktak manehna teh taya lian pupuhu lembur Bojong Pacing.
Rengse solat magrib berjamaah di tajug, Ki Abdul di candet ku Mbah Sakoti titah unggah ka imahna anu aya gigireun tajug. Meunang pangaku kitu Ki Abdul henteu baha, malah manehna mah ngarasa bungah. Cek pikirna ieu kasempetan hade keur nambahan luang jeung pangalaman. Sabab cek pikir Ki Abdul nu diunggahan kumanehna harita lain kolot sambarangan. Tapi hiji kolot anu weruh ku elmu jembar ku panalar.
Harita Ki Abdul jeung Mbah Sakoti ngobrol uplek. Kaselang ku ngadon solat isa heula, obrolan anu katunda dituluykeun deui. Anapon perkara anu jadi jejer paguneman kahiji ngaguar soal pamaksudan Ki Abdul anu hayang manggihan Raden Kalung, diteruskeun kana sual pancakaki ngeunaan saha ari Mbah Sakoti? Naon sababna Mbah Sakoti bet ngababakan muka lembur anu katelah Babakan Sumedang,jeung urang mana asalna Mbah Sakoti teh?
“Jin iprit kuntilanak anu tadi nyiliwuri ngaganggu ka hidep teh anu katelah Dewi Rengganis Ratnaningrum. Engke oge ku hidep bakal ka susud,saha sabenerna eta jin iprit anu ngaran Dewi Rengganis. “Cek Mbah Sakoti satutasna ngadenge pedaran pamaksudan Ki Abdul rek neangan Raden Kalung raja jin anu ngageugeuh walungan Citarum.
“Aya benerna caritaan guru hidep,yen pikeun tepung jeung bangsa jin teh gampang-gampang susah. Sabab bangsa jin mah ngancikna aya di alam gaib,nyaeta alam anu teu kadeuleu ku panon lahir manusa. Pon nyakitu keneh,pikeun bangsa jin na sorangan teu gampang hayang ngawujud minda rupa pikeun tujuan ngaganggu manusa sangkan kagelo beunang kabobodo ku manehna, sabab dimana manehna gagal ngaganggu nyieun tipu daya ka manusa,manehna oge engke bakal meunang hukuman ti pingpinanana.” Mbah Sakoti nuluykeun caritaanana.
“Kutan kitu Mbah? Bangsa jin oge mibanda struktur kapamingpinan dina kahirupan sapopoena teh?”
“Dina lebah dinya,pola kahirupan bangsa jin sarua jeung pola kahirupan bangsa manusa, sabab tugasna bangsa jin jeung bangsa manusa teh sarua,illa liya’budun, pikeun ibadah ka alloh.”
“Timana Mbah ngabantun dasar eta pamendak?” Ki Abdul ngawani-wani maneh nalengteng,nyodorkeun pananya.
“Alus pisan pertanyaan teh. Dasarna obrolan Mbah tadi nyaeta tina kataohidan anu ngabuahkeun kaimanan. Anapon ari hartina iman tegesna ngabenerkeun,nyakseni kana ayana perkara anu goib.Perkara anu teu katingali, paling copelna perkara anu goib teh nyaeta ayana alam jin. Perkara goib mah lain keur bahan perdebatan,tapi keur ngayakinkeun na teh nyaeta ku kaimanan,ngabenerkeun.”
“Kahartos ,kahartos Mbah.” Omong Ki Abdul bari unggut-unggutan. Sedengkeun panona molotot kana piring taneuh anu di eusi kulub hui teu anggang ti tempat manehna diuk meneko.
“Sok atuh kainyah di opi kulub hui na.”
“Muhun Mbah,di tampi yeuh kulub huina.” Cek Ki Abdul kawantu beuteungna karasa lapar. Camuil-camuil manehna ngopi kulub hui beak hiji.Geus kitu suruput nginum cai enteh panas anu diwadahan kana batok kalapa,katingalina bangun nimat naker.
“Jadi sabener na mah pikeun tepung jeung Ki Raden Kalung teh tingal nunggu waktu, da manehna oge geus apaleun aya anu keur neneangan dirina. Jin iprit anu tadi di cai eta teh Ki Taruna anu ngaran aslina Gagak Taruna.” Mbah Sakoti netelakeun.
“Dupi jin anu tadi minda rupa janten jajaka kasep, saha eta teh Mbah?” Ki Abdul panasaran hayang apal.
“Enya eta nu ngaran Ki Taruna teh.Ari Ki Taruna mah tempat ngancikna teh teu matuh, ngan pangaresepna ngeu-eum dina cai. Malah sok rajeun aya jalma kawenehan ningali aya munding diwalungan Citarum kabireungeuh huluna wungkul, tah eta teh Ki Taruna keur ngeu-eum. Mun geus aya nu ngawenehan totonden Citarum bakal caah alatan Ki Taruna ambek meunang ka teu geunah.”
“Wayah kumaha parengna eta teh Mbah,sareng lebah mana sok kawenehanana?”
“Nya kitu...,pasosore model tadi...da wayah kitu mah pangliaran jurig.” Omong Mbah Sakoti. ”Jung we ayeuna mah geura ngedeng,istirahat. Soal Ki Raden Kalung mah tong dipikiran teuing,engke oge sabatae nyampeurkeun sorangan.”
“Iraha kinten-kintena Mbah,abdi bakal tepung jeung si Salung.” Ki Abdul hayang ngayakinkeun.
“Isukan hidep indit ka beulah wetan. Teangan punclut pasir anu katelah pasir Munjul ayana di daerah Manggahang. Tidinya engke hidep bakal meunang pituduh .” Cek Mbah Sakoti.
“Janten abdi teh kedah milari punclut pasir anu katelah pasir Munjul ? Punten manawi Mbah kersa ngajelaskeun, dupi anu ngageugeuh eta punclut pasir teh saha?”Ki Abdul angger tetelepek.
“Ari anu ngageugeuh Pasir Munjul teh katelah Eyang Sanga . Manehna teh urut prajurit Pajajaran. Pangna inyana dumuk di punclut pasir Munjul ngahaja ngadon nyumput nyingkahan pasukan Kompeni katut wadia balad Banten anu ngaburak Pajajaran jeung Sumedanglarang. Eyang Sanga katut sababaraha urang baturna dibeberik ku Ki Manggala gegedug wadia balad Banten. Aya berkah Ki Sanga teh salamet teu ka susud ku balad-balad Ki Manggala,sabab eta tempat teh kawilang buni di pake panyumputanana. Jeung deuih euweuh anu pirajeunan wani ngabejakeun ka Ki Manggala.”
“Dupi kaitanana Eyang Sanga jeung si Salung teh kumaha Mbah? Naha jisim abdi bet kedah ngajugjug Pasir Munjul?” Ki Abdul beuki tambah panasaran.
“Cek kami ,sabatae engke oge ku hidep bakal kabuka saha anu sabenerna Raden Kalung sabada engke hidep tepung jeung Ki Sanga.” Walon Mbah Sakoti bari pokna deui,”Kami oge sarua ayana di ieu tempat teh bubuara ngadon ngababakan, ari asli mah kami teh ti Sumedanglarang.Tapi keun obrolan eta mah dina lain waktu urang pedar. Jung we ayeuna mah hidep geura istirahat.” Anu kadua kalina Mbah Sakoti ngajurungkeun Ki Abdul titah ngaso ka enggon.***
2
Isukna kira wanci haneut moyan,beres mumuluk kulub hui sesa peuting, anu diguguntur ku cai enteh panas, Ki Abdul kakara lunta pamitan ka Mbah Sakoti seja nuluykeun lalampahan. Manehna leumpang mapay-mapay bantaran walungan.
Rada jauh ka tebeh kidul,Ki Abdul anjog ka hiji tempat anu katelah Babakan Tanjung. Didinya Ki Abdul pasarandog jeung Demang Narhiam,kuwu Cedok,diiringkeun ku pamong desa bangun anu rurusuhan laleumpang ngaler.
“Aeh geuning,Ki Abdul. Rek kamana tanghinas pisan wayah kieu wari bangun anu rek lunta jauh?” Cek Ki Demang.
“Puguh nyeta Ki Demang, kami teh rek ka Manggahang,aya kaperluan.”
“Uluh-uluh jauh geuning. Heu sok atuh ari aya paniatan mah sing hasil. Puguh nyeta kami oge rek aya paniatan ieu teh, isukan rek kadatangan para menak ti dayeuh, rek ngadon lalayaran diwalungan Citarum. Patali jeung hal eta kami teh perelu sasayagian. Nu matak ngahaja ngiringkeun rengrengan pamong desa,rek di ajak kerja bakti nyieun rakit jeung papanggungan keur para pangagung curak-curak dahar lauk meunang nyirib ti Citarum. Kitu tah Ki Abdul.” Omong Demang Narhiam bangun anu reueus desana rek kaanjangan para menak ti kadaleman. Ari tempat anu sok biasa di pake pintonan kariyaan teh nyaeta peuntaseun markas kompeni,daerah Cimariuk. Upama ti Cilampeni mah Cimariuk teh perenahna beulah wetan, pa eunteung-eunteung jeung Babakan Tanjung. Satutas cacarita sakedapan,harita, boh Ki Abdul boh Demang Narhiam, tuluy arindit deui lumaku muru tujuanana sewang-sewangan.
Anjog ka daerah Ciodeng, sakedapan Ki Abdul ngeureunkeun lengkahna. Sabab kabireungeuh ku manehna di hiji buruan imah rea jalma pating rariung. “Keur naraon pating rariung kitu jelema teh kawas aya kajadian aheng?” Kitu gerentes hate Ki Abdul. Kajurung ku rasa panasaran manehna ngadeukeutan. Malah kadenge ku Ki Abdul sora awewe jejeritan siga anu kasurupan.
Sangkaan Ki Abdul teu salah. Basa pirajeunan nanya ka hiji jalma anu aya didinya,pokna teh eta awewe ngamuk geus aya sajamna. Teu beunang di upah-apeh ku itu ku ieu. Geus di rukyah ku ustad oge angger teu daek eling. Kalah beuki rongkah. Di jampe ku dukun angger teu cageur. “Cingan atuh susuganan Ki Silah mah boga ciduh metu, ubaran kainyah eta mojang teh karunya.Kawasna mah aya anu miraga sukma kana awakna,” cek hiji aki-aki ka Ki Abdul bangun anu awas yen saeutikna Ki Abdul teh boga pangabisa.
Di kumahaan kitu Ki Abdul teu talangke,kalayan niat seja nulungan papada makhluk tuluy harita Ki Abdul menta cai herang tiis kanu aya didinya. Teu kungsi lila saurang budak ngora nyodorkeun batok anu di eusi ku cai asak herang tiis,tuluy diasongkeun ka Ki Abdul. Sakur anu aya didinya nyingray mere jalan ka Ki Abdul anu rek nyareatan Nyi Mojang anu kasurupan tea.
Barang mireungeuh Ki Abdul, Nyi Mojang teh ujug-ujug nyentak, “Rek naon sia kadieu? Nyingkah kaituh sing jauh! Aing ijid teu hayang nenjo beungeut sia!” Kitu pokna ka Ki Abdul.
Mireungeuh kitu,teu antaparah ngan sebrot bae cai herang teh diburakeun ku Ki Abdul kana beungeut Nyi Mojang bari diparancahan, kieu pok-pokanana:”Jurig nyiliwuri setan marakayangan tong rek ganggu ka anak manusa. Manusa leuwih mulya batan sia! Puh!Puh! Nyingkah siah! Kaluar tina kurungan awak manusa!” Cek Ki Abdul bari ngaburakeun cai kana beungeut Nyi Mojang.Sapada harita bep bae Nyi Mojang teh jempe teu empes-empes. Malah mah katingali panona peureum, awakna kabireungeuh bangun anu leuleus. Antukna reup bae eta mojang teh sare.
Tapi bareng jeung kitu kana punduk Ki Abdul asa aya anu nekuk, anu ngalantarankeun Ki Abdul hayang buru-buru nyingkah ti eta tempat.”E,e,eh! Nanahaon ieu teh, punduk aing asa aya nu nekuk.”Gerentes hate Ki Abdul bari terus ngajauhan eta patempatan. Anjog ka tempat anu tiiseun. Ki Abdul pok nyarita ,”Jadi sia teh sabenerna saha, teu uyahan ngaganggu jalma anu teu tuah teu dosa?”Ki Abdul ngomong sorangan .
“Hihihi,kami mah ijid, mun ningali mojang geulis teh, sok ngadak-ngadak ambek. Bongana bebende kami indit gara-gara kajiret iblis geulis.” Cek sora tanpa katingali, tapi eta sora teh kadengena iwal ku Ki Abdul wungkul. Eta anu keur ngobrol gunem catur jeung Ki Abdul teh nyaeta hiji mahluk tigolongan bangsa jin iprit anu tadi newo-newo nyiliwuri miraga sukma kana jero awak Nyi Mojang.
“Saha ngaran sia teh?” Cek Ki Abdul.
“Nu katelah Nyi Kantri Manik. Tempat cicing kami di hulu walungan Citarum. Tempatna nyangkeredong barala jarang kasaba ku bangsa manusa. ”
“Ari anu di aku-aku kabogoh sia saha ngarana?”
“Ngaran aslina Gagak Taruna, katelahna Ki Taruna.”
“Oh Ki Tarunal...?” Ki Abdul unggut-unggutan barang ngadenge eta ngaran di sebut.
“Naha jiga anu wawuh geuning ka Ki Taruna?”
“Henteu ari wawuh mah, ngan kana ngaran eta kungsi ngadenge.” Ki Abdul netelakeun.
“Ayeuna Ki Taruna teh keur arindit kapakidulan, rek oner arem jeung urut pipamajikaneunana si Rengganis Ratnaningrum. Kami ambek kacida, hate rajet, panas ku tingkah polah maranehna.”
“Apal timana andika Ki Taruna jeung Dewi Rengganis arindit ka Pulo Asih anu aya di tengah talaga?”
“Lain oge kami teh mahluk golongan bangsa jin mun teu nyaho kana urusan kitu-kitu acan mah. Kapan kamari andika lin anu ngagagalkeun maksud si Rengganis nu rek ngayakeun tipu daya ka andika, nu sabenerna eta teh titahan si Gagak Taruna. Ngan untung we andika mah jelema di eusi, teu sabongbrong. Dina awak andika geus ngancik rupa-rupa jampe pamake. Ku eta do’a teh bangsa kami mah sieun pisan. Si Rengganis teh meunang hukuman, sabab geus gagal ngagoda bangsa manusa. Ari hukuman keur si Rengganis nyaeta kudu ngalayanan Gagak Taruna, ngadon oner arem di talaga. Tapi tunggu tangal main na, mineng-mineng teuing mah nganyenyeri ka kami engke oge bakal aya akibatna. Hiji waktu manehna rek dilinglungkeun ku kami.”
Geus nyarita kitu Nyi Kantri Manik teh ngabejaan ka Ki Abdul, cenah, dimana engke patelak bitotama jeung Raden Kalung, poma ulah daek gelut diwalungan. Hade di darat bae mun rek patelak jeung manehna mah. “Tuh kalereun lembur Manggahang aya tegalan ngarana Tegalluar. Eta tegalan teh baheulana urut markas karajaan. Najan kuring bangsa jin tapi apal,ulah teu percaya.Hikhikhik.....” Nyi Kantri Manik mere nyaho.
“Kutan kitu nyah?” Ki Abdul ngarasa atoh turta nganuhunkeun geus di bere bongbolongan ku Nyi Kantri Manik anu harita hatena keur raheut alatan bebendena kabengbat deui ku urut pipamajikaneunana. “Nuhun kaula geus dibejaan.” Omong Ki Abdul. Geus kitu Ki Abdul amitan rek indit,sabab perjalanan masih keneh kawilang jauh.
“Heug, jung atuh sing lancar naon rupa pamaksudan. Kami oge rek balik hayang istirahat, cape.” Tembalna.
Ku Ki Abdul karasa saperti aya hawa tiis mangrupa angin leutik ngahiliwir. Kabireungeuh kupaningali batin Ki Abdul eta angin teh mumbul ka beulah wetan, kawasna Nyi Kantri Manik rek ngampih katempatna di hulu walungan Citarum handapan Gunung Wayang.Harita Ki Abdul oge sarua indit nuluykeun lalampahanana, muru hiji tempat anu katelah pasir Munjul.
Anjog kanu di tuju sakumaha panuduhan Mbah Sakoti,tetela nu ngarana pasir Munjul teh tempatna kawilang aheng. Sanajan perenahna teu jauh ti sisi lembur tapi eta pasir teh kawasna langka kasaba ku bangsa manusa,sabab aurana angker, pikasieuneun.
Heatttt....jleng...jleng.... Ki Abdul luncat muru luhureun batu gede anu aya di punclut pasir. Sakedapan Ki Abdul ngajentul bari ngahuleng kawas aya anu keur dipikiran. Sabot keur hulang-huleng kitu teu kanyaohan timana jolna,harita hareupeun Ki Abdul ujug-ujug aya saurang lalaki geus kolot kacida. Awakna begang,beungeutna sepa kurang getih,kumisna carambang ,janggotna panjang. Ari sirahna eta lalaki teh dibakutet meunang make iket. Cek gerentes hate Ki Abdul,pasti ieu jelemana nu cek Mbah Sakoti teh. “Anjeun nu katelah Eyang Sanga?” Cek Ki Abdul.
“Bener pisan. Geus titadi kami nunggu-nunggu kadatangan Ki Silah?” Jawab eta aki-aki anu katelah Eyang Sanga .
“Teu salah. Jadi kumaha urusanana ngeunaan si Salung teh?” Ki Abdul langsung cumarita kana poko tujuan.
“Ih,teu meunang kitu nyarita teh,sulang salung.Ki Raden kituh!”
“Enya eta si Salung. Dimana kaula bisa tepung jeung manehna?”
“Hade Ki Silah. Ngeunaan urusan ieu memang leuwih gancang leuwih alus pikeun ngarengsekeunana.”Cek Eyang Sanga. “ Ayeuna mah Ki Silah jung we indit ka sisi walungan Citarum, didinya engke Ki Raden bakal muncul.”
“Kumaha mun entong sisi walungan,ku kalula ditungguan ditegalan wae.” Ki Abdul usul.
Barang ngadenge usulan Ki Abdul sajongjongan Eyang Sanga ngahuleng.Halisna ngerut ka luhur. Tapi teu kungsi lila tuluy nyanggupan. “Teu nanaon didinya oge, eta patempatan teh memang baheulana urut karaton karajaan. Hade,hade,hehehhe....!” Cek Eyang Sanga nyarita kituna teh bari ditungtungan ku ngaheheh.
“Kaula indit!” Cek Ki Abdul embung ngalobakeun catur. Beres nyarita kitu ka Eyang Sanga manehna tuluy ngabelesat muru tegalan.
Demi ditegalan anu harita rek dijadikeun tempat bitotama geus kasampak aya saurang pamuda kasep ngelempereng. Umurna sapantar jeung Ki Abdul. Titadi eta pamuda teh gawena ngan lajag-lejeg, jalang-jeleng kawas aya nu keur ditungguan kumanehna. Srog Ki Abdul nyampeuk kahareupeun manehanana bari pokna,”Sampean Ki Alung?” cek Ki Abdul.
“Teu salah.”Jawab eta pamuda tandes.
“Sagala rupana geus eces,perjanjianana geus jelas, yen kuring datang kadieu ngawakilan anu jadi guru, anu kungsi narima panangtang ti anjeun. Jadi mun anjeun eleh dina ieu bitotama anjeun kudu siap bae’at.” Ki Abdul ngingetan malah mandar Raden Kalung apal turta teu udar subaya.
“Hahaha...kaula moal udar subaya. Tapi teu gampang kitu wae. Memeh kaula bae’at andika kudu apal naon sababna kaula ceuceub ka guru andika. Ayeuna mah buktikeun heula siga kumaha kadigjayaan elmu andika,geus kumawani nangtang bitotama ka kaula.Sok geura siap-siap narima serangan panarajang ti kaula,kade ulah cileureun!” Cek Raden Kalung bari narik dua dampal leungeuna dirapetkeun kana lebah dadana. Geus kitu panon Ki Raden peureum,biwir kunyam –kunyem siga anu keur mapatkeun jampe pamake. Teu kungsi lila,gelebug datang angin puyuh lilimbungan. Jukut-jukut anu aya disabudeureun tegalan karabut rabeng ka luhur kabawa ku angin anu ngagelebug. Tapi anehna eta angin teh ngan ukur aya disabudeureun eta tegalan. Sakolepat dampal leungeun Ki Raden ngawangun serangan tanaga jero . Aya angin ngadius kana lebah dada Ki Abdul. Mireungeuh kitu Ki Abdul rikat ngagiwar. Plos serangan Ki Raden nyamos. Sabot ngiceup Ki Abdul reuwas, waktu ditingali jirim Ki Raden geus leungit tina paningali panon Ki Abdul.
“Kasebelan, abong jurig! Kamana tah wewelek teh ngilesna?” Gerentes hate Ki Abdul, panona rarat-reret ka kenca ka katuhu.
“Hahaha...! Ieu kami mah, lebah dieu!Hahaha...!” Ki Raden nyeungseurikeun bari pokna,”Kadieu nyampeurkeun sing deukeut!” Cenah,bareng jeung kitu jebrod puhu ceuli katuhu Ki Abdul keuna ku hiji timpugan karasana mani ngajelengeng. Gubrag Ki Abdul tibeubeut kawantu sirahna lieur mani lungleng.
Anggot mireungeuh Ki Abdul ngagubrag alatan ku paneunggeul manehna,Raden Kalung seuri deui mani ngagakgak. “Hudang ki silah! Tong epes meer!” Basa nyarita kitu raga badag Raden Kalung kabireungeuh ngajirim nembongan deui.
“Kumaha,wani keneh ngalawan kami?” Cek Raden Kalung bangun anu ngoa ka Ki Abdul.
Ngadenge panangtang kitu Ki Abdul langsung cengkat.”Ulah waka sombong andika!” Omongna.
“Sok tah,bisa mah tarajang deui kami!” Raden Kalung nangtang.
Teu antaparah sebrut wae Ki Abdul ngaheumbatkeun peureupna, nu di tuju beungeut Raden Kalung. Tapi teu ku hanteu, barang peureup Ki Abdul rek keuna pisan kana sasaran, les awak Raden Kalung ngaleungit deui wae. Atuh plos...tonjokan Ki Abdul nyamos ngakan angin. “Kasebelan! Ngaleungit deui wae!” Ki Abdul kukulutus jero hatena. Bareng jeung kitu, ngan jebrod deui puhu ceuli kenca Ki Abdul beunang ku paneunggeul Raden Kalung. Teu beda ti kawas tadi,karasana ku Ki Abdul lieur matak katurelengan. Gubrag deui awak Ki Abdul ngagedebut nangkarak bengkang. Tapi kumanehna masih keneh kadenge Raden Kalung seuri ngagakgak bangun sugema pisan mireungeuh lawan teu walakaya.
Sajongjongan Ki Abdul teu empes-empes. Tapi kituna teh manehna masih keneh eling. Bari ngararasakeun sirah anu karasa lieur,Ki Abdul inget kana hijib pamere nu jadi guruna. Nongtoreng keneh caritaan Eyang Manaf yen pikeun ijen bitotama jeung bangsa jin memang gampang-gampang susah. Ari susahna,kapan bangsa jin mah kaasup mahluk goib alias bangsa lelembut. Keur anu bolostrong sabrongbrong mun patelak jeung mahluk bangsa jin pasti bakal ka teter. Sasab teu katingali jirimna. Tapi pikeun jalma anu jiwana di eusi ku pangarti moal matak hese,malah teu kudu make jeung ngaluarkeun tanaga sagala. Dilawan ku ngagunakeun aurod oge mahluk bangsa jin mah moal majar kumaha.
“Diantarana mun urang hayang bisa ningali jirimna mahluk bangsa jin baca we do’a nurun nubuwwah alias do’a nurbuat.” Kitu kasauran Eyang Manaf ka Ki Abdul. “Atuh mun hayang numpes, tong diengkekeun deui, baca we ayat kursi minimal tilu balen. Pasti manehna humarurung anu ahirna taluk.” Saur Eyang manaf basa maparin pituah ka Ki Abdul.
Inget ka lebah dinya, atuh teu diengkekeun deui, eta pituah nu jadi guru teh dilaksanakeun ku Ki Abdul. “Ayeuna waktuna kuring ngalaksanakeun naon rupa pituah nu jadi guru,”gerentes hate Ki Abdul bari jung cengkat,hudang. Tuluy luak –lieuk ka kenca ka katuhu tetela Raden Kalung teu katingali jirimna,ukur kadenge seuri mani ngagakgak.
Tidinya,Ki Abdul langsung konsentrasi. Museurkeun pikiran bari mapatkeun du’a nurbuat sababaraha balikan sangkan bisa ningali jirim raga badag Raden Kalung. Rengse mapatkeun do’a,celegedeg Raden Kalung ngajirim. Matana rucang-riceng bangun anu serabeun.
Mireungeuh Raden kalung ngajirim,teu ngalilakeun deui waktu. Pamustunganana Raden Kalung di serang ku Ki Abdul ngagunakeun Ayat Kursi. Rengse mapatkeun Ayat Kursi meunang tilu balikan, tuluy Ki Abdul teh adzan. Anu pamustunganana,sabada rengse adzan Ki Abdul langsung ngaheumbatkun peureup katuhuna kana beungeut Ki Raden. “Allooohu Akbar!” Beledag peureup Ki Abdul nyayang kana carehan Ki Raden. Tumerapna ka Raden Kalung manehna langsung ngoceak, awakna ngacleng sababaraha tumbak ka tukang. Bru awak Raden Kalung nambru teu walakaya. Peletek tina awakna kaluar haseup, ngelun ka luhur bareng jeung munculna sora tan katingal. “Tuturkeun kami ka pasir Munjul!” Cek eta sora anu kaluar tina haseup.
Mireungeuh kitu sakedapan Ki Abdul colohok. “Na saha anu sabenerna Raden Kalung teh? Rek nanahaon manehna los-los ka pasir Munjul?” cek gerentes hate Ki Abdul anu satuluyna gagancangan manehna indit muru Pasir Munjul. Barang anjog ka Pasir Munjul, tetela Raden Kalung mah teu ka sampak, nu aya ngan Eyang Sanga keur diuk sila meneko luhureun batu.
“Kadieu Ki Silah?” Cek Eyang Sanga ,ngomongna ancad nakeran. “Tetela kakuatan hidep teh lain jore-jore. Cacak Ki Raden teh karek ngalawan muridna,komo lamun ngalawan guruna.” Eyang Sanga nuluykeun deui caritaanana.
Basa Eyang Sanga nyarita kitu, Ki Abdul ngadeukeutan, gek diuk gigireunana. Hayang apal sabenerna naon anu rek ditepikeun ku Eyang Sanga kamanehna.
“Tadi kami nyaksian naon anu lumangsung di tegalan. Tetela wewesen hidep geus bisa ngelehkeun Ki Raden, tapi ingetkeun ku hidep, eleh lain hartina Ki Raden taluk ka hidep.” Eyang Sanga netelakeun.
Ngadenge Eyang Sanga nyarita kitu Ki Abdul asa dibohongan ku Ki Raden. “Mun kitu mah si Alung teh udar subaya, teu nohonan kana jangji. Geus ngawadul!” Sora Ki Abdul ngageter ngemu ka ambek.
“Ingetkeun ku hidep, pikeun mahluk bangsa iblis nu ngarana ingkar jangji geus jadi kabiasaan. Ulah heran. Tapi aya berita pikabungaheun keur hidep jeung batur salembeur hidep oge anu aya disabudeureun kampung hidep anu kaliung kasiput ku walungan Citarum. Tadi Ki Raden nyarita ka Eyang,bejakeun cenah ka Ki Abdul,kuring eleh tarung lain hartina taluk. Ngan kuring rek ngajamin ka Ki Abdul jeung anak incu buyutna anu cicing di lembur anu kaliung ka siput ku walungan Citarum, nepika iraha bae oge urang dinya moal ngalaman maot ku alatan ti teuleum di Citarum,sabab dilingling ku kami. Kitu omong Ki Raden teh.” Eyang Sanga nepikeun amanat Raden Kalung.
“Tadi, waktu bitotama cenah Ki Raden teh ceuceub pisan ka guru kaula. Naon sababna eta teh?” Ki Abdul panasaran hayang apal.
Meunang pananya ti Ki Abdul kitu sakedapan Eyang Sanga ngahuleng,bangun anu wegah rek mere jawaban. Tapi teu kungsi lila pok nyarita,”Panjang lalakona mun kudu ngajelaskeun hal eta. Ngan singketna, guru hidep eta teh baheulana urut wadia balad Sultan Agung Mataram. Basa pasukan Mataram patelak jeung pasukan Dipati Ukur alatan Dipati Ukur barontak ka Mataram, harita pasukan Mataram meh bae kasoran. Ningali kaayaan pasukanana kateter,Sultan Agung menta bantuan balad pasukan Galuh. Bisa soteh eleh pasukan Dipati Ukur alatan Mataram meunang bantuan ti pasukan Galuh. Kitu riwayatna. Anapon guru hidep,inyana teh salahsahijina wadia balad Mataram anu henteu milu mulang ka Mataram, ngadon betah cicing di Tatar Ukur. Kitu singket caritana teh.” Cek Eyang Sanga.
“Ari Ki Raden teh saha?” cek ki Abdul beuki ngarasa panasaran hayang leuwih eces.
“Nu sidik mah Ki Raden teh mahluk tigolongan bangsa jin anu newo-newo hayang ngalejokeun bangsa manusa ku cara nyebarkeun fitnah. Sangkan bangsa manusa percaya yen inyana teh mangrupa perwujudan nafsu syaitoniyah tokoh Tatar Ukur. Moal dibejakeun saha eta ngaran tokoh Tatar Ukur teh. Dibejakeun mah sarua we atuh kami teh jeung nyebarkeun fitnah.” Cek Eyang Sanga bari pok nuluykeun deui cacaritana. “Harita, eta pangangung Tatar Ukur meunang hukuman anu kawilang keji ti urang Mataram. Awakna di cacag di walang-walang,malah cek beja mah dikuburkeunana oge disababaraha tempat. Teu munasabah mun sukmana marakayangan antukna rajeun ngajirim minda rupa nginjeum wujud sakur anu kumanehna dipisuka. Kitu cohagna, sok padahal eta mah ukur fitnah. Ki Raden mah jin anu resep newo-newo ka bangsa manusa. ”
Ngadenge katerangan kitu Ki Abdul unggut-unggutan,kakara engeuh.
“Ari ngaran lengkep kami katelah Adipati Kartamanah. Kami teh urut ponggawa Pajajaran. Nalika Pajajaran serah bongkokan ka pasukan Banten, makuta binokasih lambang kebesaran Prabu Siliwangi dipasrahkeun ka nalendra Sumedanglarang,Raden Angkawijaya alias Prabu Geusan Ulun. Tiharita wadia balad Pajajaran ulun rembug kumawula ka Sumedanglarang. Kami teh masih teureuh Eyang Prabu.” Eyang Sanga mungkas obrolan.
Cag!***
Lili Guntur

Komentar
Posting Komentar