Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Februari, 2019

ASAL USUL NGARAN CIWIDEY

Taun 2015 nu nulis kungsi ngawawancara hiji kolot urang Desa Lebak Muncang Kecamatan Ciwidey,ngarana Abah Aju (97 taun). Cek inyana,baheula dina ahir abad ka 16, aya dua urang jawara kahot ti tatar Bandung ngarana Ranggabeui jeung Jagasatru. Cenah mah eta dua jalma teh adi lanceuk. Hiji mangsa manehna baradami,ngarencana rek ngadon bubuara muka lahan garapan keur tatanen jeung nyieun pilembureun dipakidulan Bandung. Gancangna carita,kalayan di iring ku wadia baladna, rombongan anjog  ka hiji leuweung (anu kiwari kasebut daerah Pasirjambu jeung Ciwidey). Di hiji tempat (anu ayeuna nelah Kampung Warung) Jagasatru nyarita ka adina; ”Ki Adi,urang pitembeyan ti dieu yeuh  muka lahan garapan teh. Ki Adi bagian ngabukbak leuweung beulah wetan,terus kaditu tepi ka Papak Manggu. Keun,ieu tempat nu rada tarahal tepi ka kulon ka tapel  wates Rawabogo bagian kami. Keun bae bagian kami mah tarahal oge da keur pilembureun iyeuh.”Cek  Jagasatru ka adina. Ranggabeui nya...
TATAR UKUR Samemeh Kabupaten Bandung ngadeg, daerah Bandung katelah meunang pangjuluk “Tatar Ukur”. Anapon anu ka ereh daerah Tatar Ukur,nurutkeun naskah Sadjarah Bandung, nyaeta puseur dayeuhna di Karapyak. Wilayahna ngawengku daerah Timbanganten,Gandasoli, Adiarsa, Cabangbungin, Banjaran, Cipeujeuh, Majalaya, Cisondari, Rongga, Kopo, Ujungberung, jeung daerah sejena. Timimiti abad ka 15, sacara turun tumurun karajaan Timbanganten anu puseur dayeuhna di Tegalluar diparentah ku Prabu Pandaan Ukur,Dipati Agung, katut Dipati Ukur. Wilayah Tatar Ukur teh kawilang lega ambahanana ngawengku 9 daerah anu aya di Jawa Barat tur meunang sebutan “ukur sasanga.” Sabada karajaan Pajajaran burak taun 1579 alatan di rurug ku wadia balad Banten anu hayang nyebarkeun agama Islam di Jawa Barat, (samemehna) raja Pajajaran anu katelah Prabu Siliwangi ngutus opat urang kandang lante pikeun masrahkeun Mahkota Siger Binokasih ka Nalendra Sumedanglarang. Utusan anu opatan teh nyaeta Jaya Perkosa, N...

OBROLAN DINA TELEPON

Carita Pondok Lili Guntur 1                 Wanci haneut moyan Abdul karek hudang. Manehna mah geus biasa, hudang sare teh beurang wae. Teu tuluy ka cai kalah ngadon cindekul dina korsi dipatengahan. Top kana remot,ngahurungkeun tivi. Unggal cenel di pilih.                  Ku  Abdul tadi kadenge, memeh indit dines pamajikanana nyarita bangun anu humandeuar ka si Cikal,”Hirup teh meni asa ripuh-ripuh teuing, teu weleh wae kurang!”Pokna.                 Ngadenge indungna nyarita kitu si Cikal teu nembal. Jongjon dangdan nilik diri hareupeun kaca eunteung.                 Omongan pamajikanana model kitu saeutikna  keur Abdul mah ngajadikeun hiji pamikiran. Sirah Abdu...

LEGENDA RADEN KALUNG

Can kabejakeun aya urang Mahmud tiwas alatan titeuleum di Citarum,atawa palastra kabawa caah. Pangna kitu,cenah, aya nu ngajaga jeung anu ngalingling nyaeta Raden Kalung anu ngageugeuh walungan Citarum. Saha anu sabenerna Raden Kalung teh? Jeung naon sababna Raden Kalung bageur katurunan Mahmud? Cek ujaring carita, baheula sakitar abad ka 15, mangsa jumenengna Eyang Abdul Manaf alias Eyang Mahmud, kungsi kabejakeun yen Eyang Abdul Manaf teh kantos meunang panangtang ti saurang raja jin anu ngageugeuh walungan Citarum nyaeta anu katelah Raden Kalung. Ari wujudna Raden Kalung, satengah awakna ka luhur jirim manusa, satengah awakna ka handap jirim oray. Raden Kalung susumbar nangtang Eyang Abdul Manaf,pokna, mun aya jelema mampuh ngelehkeun kasaktianana,manehna jangji rek bae’at ngagem agama Islam sarta eta jalma anu geus ngelehkeun manehna rek dijadikeun guru sajati. Ngadangu Syekh Abdul Manaf di tangtang ku bangsa jin, salahsaurang murid Syekh Abdul Manaf  nyaeta Abdulah Ge...