Taun 2015 nu nulis kungsi ngawawancara hiji kolot urang Desa Lebak Muncang Kecamatan Ciwidey,ngarana Abah Aju (97 taun). Cek inyana,baheula dina ahir abad ka 16, aya dua urang jawara kahot ti tatar Bandung ngarana Ranggabeui jeung Jagasatru. Cenah mah eta dua jalma teh adi lanceuk. Hiji mangsa manehna baradami,ngarencana rek ngadon bubuara muka lahan garapan keur tatanen jeung nyieun pilembureun dipakidulan Bandung.
Gancangna carita,kalayan di iring ku wadia baladna, rombongan anjog ka hiji leuweung (anu kiwari kasebut daerah Pasirjambu jeung Ciwidey). Di hiji tempat (anu ayeuna nelah Kampung Warung) Jagasatru nyarita ka adina; ”Ki Adi,urang pitembeyan ti dieu yeuh muka lahan garapan teh. Ki Adi bagian ngabukbak leuweung beulah wetan,terus kaditu tepi ka Papak Manggu. Keun,ieu tempat nu rada tarahal tepi ka kulon ka tapel wates Rawabogo bagian kami. Keun bae bagian kami mah tarahal oge da keur pilembureun iyeuh.”Cek Jagasatru ka adina.
Ranggabeui nyatujuan eta usul. Geus kitu mah der bae dua rombongan masing-masing wadia balad Jagasatru jeung wadia balad Ranggabeui mimiti magawe. Sakumaha rencana ti anggalna, Ranggabeui ngabukbak leuweung ti tapel wates walungan ka beulah wetan eukeur lahan tatanen,anapon Jagasatru muka leuweung ti tapel wates walungan ka beulah kulon anu kahareupna pikeun lahan pilembureun.
Heuleut saminggu ti saprak ngamimitian baranggawe Jagasatru nyarita ka Ranggabeui. “Bagja euy Ki Adi,geus lega geuning beubeunangan ngabukbak lahan teh. Kami mah can rek beubeunangan, anggot beurat pigaweeun teh karasana. Pakakas anu dipake baranggawe teh kawas nu ngadadak mintul,teu metu digunakeun. Aneh kami mah.” Cek Jagasatru.
“Kutan kitu? Berkah kami mah aya dina kalancaran,barudak taya nu ngangluh.” Tembal Ranggabeui.
“Kumaha atuh mun urang tukeur garapan we ,Ki Adi pindah kadieu ngagarap beulah kulon keur pilembureun. Kami beulah wetan.” Jagasatru usul.
“Hade kitu oge.” Tembal Ranggabeui.
Isukna rombongan neruskeun deui hanca garapan. Ngan ayeuna mah tukeur lokasi garapan, rombongan Ranggabeui ngagarap beulah kulon nuluykeun urut garapan lanceukna.
Memeh prung ngamimitian digawe, peutingna Ranggabeui ngajak wadia baladna ngariung. Sabada rombongan kumpul,pok manehna nyarita kalawan daria, “Samemeh isukan urang ngalaksanakeun pagawean,aya hadena urang tawasul heula ka karuhun anu ngageugeuh ieu tempat. Sabab peuting kamari kaula ngimpi kadatangan kolot anu katelah Eyang Sanga. Anjeuna nyasahatan, poma cenah, memeh ngalaksanakeun pamaksudan teh kudu menta widi heula ka pribumi. Ari sagala rupa teh mipit kudu amit ngala kudu bebeja sok komo kapan pagawean urang teh kawilang beurat sasat rek mindahkeun aliran cai walungan ka beulah wetan.” Cek Ranggabeui ka wadia baladna.
Nurutkeun rencana cai walungan teh (ti semet Kampung Warung ayeuna) ku Jagasatru rek dilempengkeun sina ngamalir ka Cibeureum (lebah Pasar Cibeureum mun ayeuna mah),anu engkena eta walungan bakal tepung jeung walungan Cisondari lebah punclut karamat kabuyutan.
Rengse peutingna ngalaksanakeun tawasulan, dina peuting eta keneh Ranggabeui ngimpi deui kadatangan Eyang Sanga. “Prak isukan mah geura mimitian digarawe sabab geus aya widi ti kami. Lahan garapan nu ayeuna ku hidep rek dikokolakeun keur pilembureun,kahareupna bakal jadi tempat anu kawentar,jadi tempat pangjugjugan balarea. Ku hidep bere ngaran eta tempat teh ‘ciwidi’, karana widi ti kami.” Cek Eyang Sanga dina impian.
Gancangna carita pagawean muka lahan garapan teh antukna rengse. Pabeubeurang nalika Ranggabeui katut wadia baladna keur ngadon ngariung, reus, sarengsena baranggawe, jebul Jagasatru datang. Pok nyarita, menta tukeur deui lahan garapan.
“Ari Kakang sok teu puguh! Dina waktu ieu mah kami moal mikeun ieu lahan anu meunang hese cape ngabukbak kudu ditukeurkeun deui jeung lahan garapan Kakang!” Ranggabeui nolak pamenta lanceukna.
Meunang panolakan tinu jadi adi Jagasatru ambek asa teu diajenan. Inyana laklak dasar nyarekan. Sabalikna Ranggabeui oge ngarasa di lelece kunu jadi lanceuk, tungtungna der pasea. Mimitina parebut catur soal lahan garapan,tungtungna ngajak galungan bitotama. Untung we harita kaburu datang si Kumis Beureum,misah nu parasea. Duanana ku si Kumis Beureum dibawa ka punclut kabuyutan.
“Anjeun duaan didieu kudu islah!” Cek si Kumis Beureum anu dedeg pangadegna jangkung gede, kumis baplang semu beureum. “Ieu tempat teh ngarana kabuyutan tempat dipendemna Eyang Sanga. Mun anjeun bedegong teu daek akur jeung dulur engke bakal katulah, bakal jauh rejeki,hirup bakal sangsara.” Cek si Kumis Beureum bari pok nuluykeun deui caritaanana.”Tah ieu iteuk hoe bawa ti lembur kaula, Gunung Cereme,ayeuna rek ditancebkeun didieu pertanda anjeun akur moal parasea.” Si Kumis Beureum nancebkeun iteuk hoe bawana ti Gunung Cereme.
Nepika kiwari eta iteuk hoe teh tuluy jadi.Tangkalna subur ngarambat, ngaroyom sabudeureun karamat kabuyutan. Eta teh tanda akurna dua dulur,adi lanceuk, anu ribut pasea alatan parebut lahan garapan.
Nepika wafatna, tokoh anu tilu (Jagasatru,Ranggabeui,Kumis Beureum) jasadna di pendem disabudeureun karamat kabuyutan.
Anapon asal-usul ngaran Ciwidey,nyaeta asal tina kecap “ciwidi”.Robah jadi “ciwidey alatan letah urang Belanda. Hiji waktu aya urang Belanda nyarita ka badegana; “Eu,tolong persiapkan itu kuda, abdi bade angkat ka Ci-wi-dey!” Cenah, nyaritana teh ancad ngayayay semu di ejah.Kadengena teu jelas. Nepi ka ayeuna eta daerah nelah Ciwidey,kota leutik camperenik anu aya di daerah Kabupaten Bandung. ***
--Lili Guntur--


Komentar
Posting Komentar